Photographer's Note
Dina taun 1745 van Imhoff ngadegkeun hiji wangunan nu ayana di sisi Cihaliwung, peuntaseun Kampung Sempur. Arsitιktur wangunanana sabenerna meunang niru ti hiji kastil nu aya di hareupeun gapura Brandenburg di Kota Postdam, Jιrman. Kastil ieu tιh milik Frιderik Agung nu digunakeun pikeun istirahat ngaleungitkeun karingrang jeung kasusah, nepi ka dingaranan sans souci (ti bahasa Perancis, sans = tanpa; souci = guligah, marudah, melang). Satuluyna kastil nu meunang ngararancang Knobelsdorp ieu dijadikeun tempat istirahat ku Frιderik Willem IV salila usum panas.
Wangunan nu aya luhureun Cihaliwung ogι ku van Imhoff dingaranan ku basa Walanda nu sarua pisan hartina jeung sans souci, nyaιta buitenzorg (buiten = di luar; zorg = ringrang). Kecap sans souci atawa buitenzorg ka bιhdieunakeun ku urang Inggris mah disalin jadi without care. Waktu anyaran diwangun, pakarangan hareup anu sakitu legana dipelakan ku mangpirang-pirang kekembangan.
Source: Balebat, Sundanese language magazine (Majalah Basa Sunda Balebat)
http://majalah-balebat.blogspot.com/2010/06/paleis-te-buitenzorg-nu-kakoncara.html
Nobody έχουν(ει) επιλέξει αυτή τη σημείωση ως χρήσιμη
Photo Information
-
Copyright: Khalid Saifullah (GetLunch_at)
(51)
- Genre: Τοποθεσίες
- Medium: Μαύρο & Ασπρο
- Date Taken: 2010-07-24
- Categories: Κάστρα, Αρχιτεκτονική
- Camera: Nikon D5000, 18-55mm f/3.5-5.6 AF-S VR DX Zoom Nikkor
- Έκθεση: f/11, 1/400 δευτερόλεπτα
- Έκδοση φωτογραφίας: Πρωτότυπη έκδοση
- Date Submitted: 2010-07-29 3:34